MUDIK

MUDIK
SUKABUMI - YOGYAKARTA

Minggu, 29 Oktober 2023

 AMANAT  PEMBINA UPACARA 30 OKTOBER 2023
( Materi Sumpah Pemuda )

Assalamualaikum Warrahmatullahi Wabarrakatuh.
Alhamdulillahhirobbil’alamiin washola,........

Selamat pagi dan salam sejahtera bagi kita semua.

Yang terhormat Kepala Sekolah SMPN 1 Kadudampit, Bpk./Ibu  guru, beserta staff
Terlebih bagi peserta didik yang Bpk. saya cintai dan Bpk. banggakan.

Alhamdulillah, segala puji bagi Allah SWT Tuhan semesta alam yang telah melimpahkan rahmat serta hidayahnya sehingga kita di sini bisa berkumpul dan dapat melaksanakan upacara bendera seperti biasa

Sholawat serta salam serta tercurahkan junjungan Nabi agung Muhammad SAW yang kita harapkan syafaatnya di yaumil akhir. Amiin.Pertama-tama Bpk. Mengucapkan terima-kasih kepada kelas anak-anak kelas 8B yang telah bersedia bertugas melaksanakan upacara ini, mudah-mudahan,.....

Peserta upacara yang berbagia,..... tentunya masih hangat di benak kita,... di hati kita, bahwasanya 1 hari yang telah kita lewati tepatnya 28 Oktober : kita semuanya,... bangsa Indonesia memperingati hari yang sangat bersejarah yaitu “ SUMPAH PEMUDA”.

Para pemuda Indonesia pada masa itu 28 Oktober 1928 yaitu 95 tahun yang lalu telah memberikan kita warisan berharga berupa Sumpah Pemuda, yang bunyinya  :

Pertama:
Kami putra dan putri Indonesia,
mengaku bertumpah darah yang satu,
tanah Indonesia.
Kedua:
Kami putra dan putri Indonesia,
mengaku berbangsa yang satu,
bangsa Indonesia.
Ketiga:
Kami putra dan putri Indonesia
menjunjung bahasa persatuan,
bahasa Indonesia.
Isi Sumpah Pemuda menjadi pedoman dalam menumbuhkan rasa cinta tanah air, satu bangsa, dan satu bahasa yakni Indonesia.

Atas sumpah tersebut tentunya, menjadi landasan bagi kita semua untuk selalu berjuang demi bangsa Indonesia. Mereka juga telah memberikan kita inspirasi demi kemajuan bangsa Indonesia. Sebagai generasi penerus bangsa, kita semua, kalian semua peserta didik SMPN 1 Kadudampit harus menghargai jasa-jasa para pemuda tersebut dan melanjutkan cita-cita mereka untuk membangun Indonesia ini, membangun citra SMPN 1 Kadudampit menjadi lebih baik, membangun lingkungan kita dimana kita berada menjadi lebih baik. Membangun bangsa Indonesia ini menjadi lebih baik.

Dari sumpah tersebut yang terpenting kita sekarang harus dapat memetik nilai peringatan tersebut. Apa yang kita petik dari peringatan sumpah pemuda tersebut ? yaitu kita harus dapat menanamkan, membudayakan dan membiasakan nilai-nilai positif dari sumpah tersebut. Nilai-nilai yang Bpk. Maksud tentunya hal-hal yang berharga bagi hidup kita dan bagi bangsa indonesia, diantaranya adalah :

1.       Nilai-nilai kebangsaan, patriotisme, nasionalisme, dan persaudaraan.

2.       Nilai semangat juang dan optimisme dalam menghadapi segala tantangan dan kesulitan yang ada.

3.       Menjaga semangat belajar dan berkarya untuk meningkatkan kompetensi dan keterampilan

4.       Menjaga semangat berinovasi dan berkreasi

5.    Menjaga semangat berkontribusi dan berpartisipasi dalam pembangunan melalui berbagai kegiatan positif dan  produktif.

6.       Menjaga semangat toleransi dan kerukunan antar sesama

7.   Menjaga semangat cinta tanah air dengan menjaga semangat cinta lingkungan dengan menjaga kelestarian lingkungan.

Jadi, marilah kita berkomitmen pada hari ini, pada peringatan Hari Sumpah Pemuda, untuk bersatu, memiliki tekad kuat, dan menjaga semangat nasionalisme. Mari kita berperan aktif dalam membangun Indonesia yang lebih baik. Mari kita jadikan Sumpah Pemuda sebagai landasan atau tonggak bagi tindakan kita. Semoga semangat persatuan dan nasionalisme selalu menyertai kita semua.

Terima kasih, hormat kepada para pemuda pahlawan bangsa, dan hormat kepada bangsa Indonesia yang kita cintai. Selamat Hari Sumpah Pemuda.

Sekian yang dapat bapak sampaikan, atas kurang dan lebihnya mohon maaf, wabillahi taufiq wal hidayah,
Wassalammualaikum warah matullahi wa barakatuh



 LOMBA NYARITA SUNDA SMP
( Deana Putriasya )

Alhamdulillah, ..... Barokallah kita ucapkan kepada putri ayah " Deana Putriasya " yang dengan gigih berlatih di babak penyisian akhirnya dapat memetik hasilnya sebagai JUARA III pada lomba NYARITA SUNDA Pada Jum'at, 20 Oktober 2023. Berikut beritanya :
Technical Meeteng Final :








Naskah Ceritanya :
Sangkuriang

Kacaritakeun di kayangan aya sapasang déwa jeung déwi anu nyieun kasalahan. Tuluy Sang
Hyang Tunggal ngahukuman ka éta déwa déwi ku cara diturunkeun ka alam dunya kalawan
wujud sato.
Déwa dikutuk jadi anjing anu dingaranan si Tumang. Sedengkeun déwi jadi begu atawa
céléng, ngaranna Céléng Wayung Hyang atawa Wayungyang. Éta déwa déwi téh tapa bari
ménta ka Sang Hyang Tunggal supaya dibalikeun deui kana wujud asalna.
Kakocapkeun aya hiji raja anu jenenganna Sungging Perbangkara keur moro di leuweung.
Éta raja téh kahampangan tuluy diwadahan dina daun caring. Ceuk sawaréhna aya ogé nu
nyebutkeun diwadahan kana batok.
Cai kiih raja téh diinum ku Wayungyang. Alatan ngimum cikiih raja téa, anéh bin ajaib
Wayungyang tuluy ngalahirkeun orok awéwé geulis pisan.
Éta orok téh kapanggih ku raja tuluy dibawa ka karaton jeung dibéré ngaran Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi beuki gedé kawalan manéhna jadi awéwé anu geulis kawanti-wanti, endah
kabina-bina. Para ratu mikayungyung mara ménak mikaresep.
Malah loba pisan raja jeung pangéran anu datang ngalamar. Ngan saurang gé euweuh nu
ditarima ku Dayang Sumbi. Antukna para raja téh parasea jeung baturna.
Dayang Sumbi ménta disingkurkeun ka hiji pasir. Manéhna dibaturan ku anjing anu ngaranna
si Tumang. Dina hiji mangsa Dayang Sumbi keur nenun, torompongna ragrag. Manéhna
embung nyokot, tuluy waé nyarita bari teu dipikirkeun heula.
Jangjina, sing saha nu mangnyokotkeun éta torompong, lamu lalaki rék dijieun salaki, lamun
awéwé rék dijieun dulur.
Si Tumang nyokot éta torompong tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Daék teu daék Dayang
Sumbi kudu nohonan jangjina. Manéhna antukna ngawin si Tumang.
Dina bulan purnama, si Tumang téh bisa robah jirim jadi wujud aslina nyaéta déwa anu kasép
ngalempéréng konéng. Dayang Sumbi ngimpi sapatemon jeung déwa anu kasép, tug
padahalmah éta téh wujud asli si Tumang.
Dayang Sumbi tuluy boga anak lalaki ngaranna Sangkuriang. Éta budak téh kasép jeung kuat
kacida.
Hiji waktu Dayang Sumbi hayang ati mencek, manehna nitah Sangkuriang jeung si Tumang
pikeun moro ka leuweung.
Geus sakitu lilana moro, Sangkuriang can meunang kénéh waé. Anu akhirna Sangkuriang
nempo céléng meni lintuh lumpat. Sangkuriang nitah si Tumang ngudag éta céléng, ngan si
Tumang teu ngagugu kusabab manéhna nyahoeun éta céléng téh Wayungyang, ninina
Sangkuriang.
Sangkuriang ambek tur bingung. Teu antaparah deui si Tumang dipeuncit tuluy diala atina.
Dayang Sumbi ngadahar ati bangun nikmat. Ngan saenggeusna nyaho ati anu didahar téh ati
si Tumang, Dayang Sumbi kacida ambekna.
Sangkuriang ditakol tarangna ku cukil tina batok, tuluy Sangkuriang indit ti imah. Dayang
Sumbi kaduhung kareureuhnakeun, manéhna nyusul néangan Sangkuriang ngan nu ditéangan
geus lunta jauh.
Dayang Sumbi ménta ka Sang Hyang Tunggal sangkan dipanggihkeun deui jeung anakna.
Manéhna ogé tapa bari mutih, saukur ngadahar dangdaunan jeung lalab atah.
Ti harita Sangkuriang aprak-aprakan ngalalana ngurilingan dunya, guguru ka nu sakti.
Sababaraha tahun gé Sangkuriang ngajanggélék jadi pamuda anu sakti mandraguna.
Sanggeus sakitu lilana lumampah ka tebéh kulon, antukna anjog deui ka wétan.
Sangkuriang patepung deui jeung Dayang Sumbi. Ngan teu nyahoeun yén étatéh indungna,
kusabab kaayaan Dayang Sumbi angger ngora jeung geulis. Sihoréng éta téh balukar tina tapa
jeung mutih. Dayang Sumbi ogé can nyahoeun pamuda kasép éta éeh Sangkuriang, anakna.
Dayang Sumbi jeung Sangkuriang tuluy silih pikacinta. Dina hiji mangsa, nalika Sangkuriang
keur léléndéan, ku Dayang Sumbi disisiran buukna. Teu dihaja Dayang Sumbi manggih céda
urut ditakol dina sirah Sangkuriang.
Dayang Sumbi kagét kusabab éta lalaki nu dipikacinta téh gening anakna. Ku Dayang Sumbi
dicaritakeun anu saenyana. Ngan Sangkuriang keukeuh hayang ngawin Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi satékah polah nolak kahayang Sangkuriang. Antukna nyieun siasat, méré
tanjakan pikeun nyieun parahu jeung talaga dina waktu sapeuting ku cara mendet Citarum.
Ku Sangkuriang disanggupan.
Sangkuriang dibantuan ku dedemit migawé sarat anu dipénta ku Dayang Sumbi. Parahu
dijieun tina tangkal kai anu gedé ti belah kulon. Régangna ditambrukeun di belah wétan.
Liwat tengah peuting talaga jeung parahu téh ampir jadi. Dayang Sumbi tagiwur, inggis
talaga jeung parahu anggeus dina peuting harita.
Dayang Sumbi ngadua tuluy mébérkeun boéh bodas di belah wétan. Boéh téh ngaluarkeun
cahaya ngempur lir ibarat fajar. Tuluy nakolan lisung niru-niru nu keur nutu isuk-isuk.
Para dedemit lalumpat kabur, Sangkuriang kacida napsuna. Parahu anu ampir anggeus
ditalapung nepika hiber tuluy nangkub di belah girang ngajanggélék jadi Gunung Tangkuban
Parahu.
Talaga dibedahkeun nepika saat kiwari cenah jadi dayeuh Bandung. Atuh cocokna dicokot
tuluy dialungkeun ka kulon robah jadi Gunung Manglayang. Sedengkeun liang Citarum
ngaranna nelah nepika ayeuna Sanghyang Tikoro.
Dayang Sumbi diudag-udag ku Sangkuriang nu geus ilang akal séhatna. Dayang Sumbi ampir
beunang katéwak di Gunung Putri ngan kaburu ngadu’a ka Sang Hyang Tunggal supaya
disalametkeun. Antukna Dayang Sumbi rubah jirim ilang warna jadi kembang jaksi.
Sedengkeun Sangkuriang leungit (ngahiyang) sanggeus nepi ka Ujung Berung.


Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung Ti Prameswari Niti Suwari
Kagungan putra tujuh, istri Wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua
Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu
kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari.
Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu
dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang,
putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa
di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta
Purbasari.
Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh
budak anu pangkolotna?
Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun,
pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka
Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus
mutlak jeung teu bisa dirobah deui.
Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa
dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring
nu bakal ngolah ieu nagara. Purbasari, manéh indit…!!!
Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal
ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu : Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi
ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!
Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung
Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung.
Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari : Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.
Aki Panyumpit : Mangga juragan.
Di leuweung…
Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu
leuwung teh?
Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet
kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung
ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!
Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak,
teu bias dirogahala.
Niti Suwari : Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu téh Juragan?
Niti Suwari : Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.
Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang
Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong
Balé.
Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!
Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka
Purbararang.
Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Léngsér!
Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di
leuweung!
Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun
Purbasari : Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna, sanajan lutung
ogé
teu kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka
si Tétéh.
Aki Panyumpit : Mangga Néng.
Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit
sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda : Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék neneda ka Sunan
Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung
Purbasari
saré kénéh.
Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan,
Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara.
Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku
benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh? Alhamdulillah
ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.
Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir
Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur
ngarah Purbasari.
Purbararang : Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!
Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan,
paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh
Purbasari nu unggul. Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh.
Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang : Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh kuring mah
manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan lutung!
Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy
Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda
deui.
Purbararang : Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!
Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : Ku Aing paéhan sia!
Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari
Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju
dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.

HASIL PENGUMUMAN LOMBA NYARITA SUNDA

OKTOBER 2023

 [07.40, 21/10/2023] +62 811-9717-300: Assalamualaikum kepada seluruh Alora, berikut akan saya berikan link untuk live streaming grand Closing Alacazam 2023

https://youtube.com/live/c8HAxge2bfc?feature=share

[11.38, 21/10/2023] +62 811-9717-300: Halo aloraaa! Untuk peserta yang sudah hadir di Grand Final Alacazam, harap konfirmasi kepada panitia yaaaa 😇😇🙏🏻

[20.20, 21/10/2023] +62 811-9717-300: Halo Alora 🤩👋, ingin mengumumkan pemenang dari Nyarita sunda Alacazam 2023 . Selamat kepada juara berikut ini:

1. Makhla Parijah (SMP IT INSAN MANDIRI)

2. Inayah Restiani (SMP AL-IZZ BOARDING SCHOOL)

3. Deana Putriasya (SMP IT ADZKIA)

Selamat yaa kepada juara dan untuk yang belum berkesempatan untuk memenangkan nyarita sunda tahun ini, semoga kalian tetap semangat untuk mengikuti lebih banyak lomba di luar sana . Terima kasih 🙏

FOTO DEANA PUTRIASYA


SERTIFIKAT DEANA PUTRIASYA :

Selamat dede Dea ya juaranya ya mudah-mudahan dapat menjadikan pengalaman yang tak terlupakan dan terpenting dapat menjadikan motivasi sebagai bekal meraih masa depan yang gemilang,... Aamiiin ya robbal'alamiiin